Hayang
teuing angeun waluh
Angeun
waluh di oncoman
Haying
teuing geura wawuh
Geus
wawuh rek di oconan
Kapinis
hiber kalayung
Macokan
kembang kalapa
Anu
geulis jeung ditiug
Cirina
wanoja takwa
Baju
hejo dibulao
Kembangna
katuncar mawur
Ari
bogoh tibareto
Nyaho-nyaho
geus ku batur
Kamana
jalan ka Jogja
Kaditu
ka palih wetan
Kamana
jalan ka surge
Kaditu
ka pangaosan
Tikukur
macokan kuman
Kecok
deui-kecok dei
Dikubur
temawa iman
Jekok
deui-jekok deui
Melak
jaer dinu keusik
Kasered
daun kalapa
Ulah
beger tileuleutik
Ngahesekeun
indung bapa
Kaliki
jalan jatayu
Malah
jalan kaciparay
Lalaki
pinter ngarayu
Padahal
anakna reuay
sae pisan eta sisindiran teh. mung abdi kantos nguping eta sisindiran teh ditembangkeun ku sinden jaipong. sae deuh pokona mah.
BalasHapus