Kamis, 10 Januari 2013

Sisindiran Sunda



Hayang teuing angeun waluh
Angeun waluh di oncoman
Haying teuing geura wawuh
Geus wawuh rek di oconan

Kapinis hiber kalayung
Macokan kembang kalapa
Anu geulis jeung ditiug
Cirina  wanoja takwa

Baju hejo dibulao
Kembangna katuncar mawur
Ari bogoh tibareto
Nyaho-nyaho geus ku batur

Kamana jalan ka Jogja
Kaditu ka palih wetan
Kamana jalan ka surge
Kaditu ka pangaosan

Tikukur macokan kuman
Kecok deui-kecok dei
Dikubur temawa iman
Jekok deui-jekok deui

Melak jaer dinu keusik
Kasered daun kalapa
Ulah beger tileuleutik
Ngahesekeun indung bapa

Kaliki jalan jatayu
Malah jalan kaciparay
Lalaki pinter ngarayu
Padahal anakna reuay

1 komentar:

  1. sae pisan eta sisindiran teh. mung abdi kantos nguping eta sisindiran teh ditembangkeun ku sinden jaipong. sae deuh pokona mah.

    BalasHapus